Nyerenkeun Panganten

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bissmillah nu jadi sekar pangiring catur nu jadi tuturus laku muru sampuraning rahayu, banjaran jatining bagja. Alhamdulillah minangka panyinglar riya anu pasolengkrah dina manah, panundung ujub sareng takabur nu ngawujud dina kalbu, pangusir gumaki nu ngadaki dina ati. Nu tinggal iwal ti beresihna ati geusan nampa jorelatna Alloh, sareng safa’atna Rosululloh SAW. mangrupikeun salah sawios do’a nu nandakeun kadeudeuh anu maneuh ka gusti jungjunan alam kakasih Robbil ‘alamin. Mantena pisan anu janten tuturus laku kanggo umatna, kalebet urang sadaya geusan sumujud ka dzat Allah aja wajala.

Kersana calon besan bapa …………………………………sakulawargi anu ku sim kuring teu kinten diutamikeunana.

Al Mukaromun para alim ulama, para zuama, tokoh masyarakat, tokoh pamuda anu parantos sami lenggah dina ieu haplah, anu sami ku sim kuring di pihormat.

Teu hilap ka juru duum waktu, pangjajap acara anu parantos sodakoh waktos, anu sami ku sim kuring diutamikeun.

Neda amit kanu caralik utamina ka pribumi, mugia ageing sihaksami jembar lautan hampura anu kateda, rehing sim kuring sapiri umpi ti …………………………….estuning tebih tina temah wadi, anggang tina basa sopan santun sareng ramah tamah, ku kituna tawakup anu kasuhun.

Sim kuring emut kana paripaos “Ciri sabumi tara sami, cara sadesa tara sarua, kukituna bilih aya sugrining tindak tanduk sim kuring sakulawargi rawuh rombongan anu teu sapagodos sareng kulawargi didieu, neda tawakup anu ka suhun.

Sim kuring ngabantun asmana bapa ……………………………………kedah ngadugikeun kedal pamaksadan ka sepuhna calon panganten istri.

Insya Allah dina ngadugikeun ieu pamaksadan, sim kuring moal panjang lebar, kumargi dipanjang-panjang hawatos ka calon panganten istri, upami di lebar-lebar hawatos ka calon panganten pameget, janten sim kuring bade ngadugikeun intina bae.

Saperkawis, sim kuring sakulawargi ti Dusun ………………………………………. ka ieu tempat utamina ka Bapa ………………………………ngahaturkeun salam silaturahmi, harepan mudah-mudahan di tampi ku hasta kalih, kasangga kalingga murda, oge mudah-mudahan ku tepangna sim kuring sakulawargi sareng seuweu siwi di dieu sing janten wasilah kana langkung raketna ukhuwah basyariah, ukhuwah Islamiyah anu mangfaat maslahat minal dunya wal akhirat. Aminn. Utamina mudah-mudahan kabarokahan tina silaturahmi  tiasa walatra karaos ku urang sadaya utamina barokah rijki sareng barokah yuswa. Amin ya robbal alamin.

Kadua perkawis, kalayan asmana bapa ………………………………………….ti ………………………………. tomorojog dongkap ka dieu estuning ku pareng Gusti Nu Maha Suci, saur paripaos “Jauh di jugjug, anggang di teang” di belaan leueur kundang iteuk, poek kundang obor”, seja nyusul tepus babadantenan anu ti payun, anu parantos samiuk sauyunan, saluyu sapagodos yen Cep/Jang………………………………………… sareng tuang putra Neng/Nyi ……………………………..anu parantos sami-sami pasini jangji ti bihari jinis sareng jinis, pasang subaya ti baheula sangkan laksana nghiji ngalaki rabi ani di patri ku akad tikah. Kumargi sakitu, dina danget iu pisan sim kuring seja nyanggakeun jirim jinisna Cep/Jang ……………………anu baris janten pasangan tuang putra Neng/Nyai ………………………………………………..

Nanging hapunten anu kasuhun wireh sim kuring seren sumeren teh estuning ulang along marga hina, labuh curug rag-rag jurang, baliluna wangkelangna oge culangungna pun anak nyanggakeun atikeun, sareng didikeun oge teu kakantun ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal, getihna satetes, buukna salambar, seja bakti ka asih, seba cinta sareng kanyaah ka tuang putra.

Upami di palih ………………………………………panginten togmolna mah kieu :

Ti luhur sausap ketu, ti handap sahibas sapatu, ti gigir sabeulit baju, ti tengahna nu ngarengkol jiga mutu, anu dimana hirup kawas surutu, dimana keur paeh leuleus lir tahu, namung Insaya Allah panginten raosna alah batan tamusu. Rupina eta pisan panginten salah sawios anu diantos ku calon panganten baru, malih wartosna mah ka resep ibu-ibu, sahingga ibu-ibu sok murukusunuh mun teu mendak saminggu, kadituna sok janten bendu. Mangga naynggakeunbade di beureumken, bade dihideungken, malih mah bilih aya batu beulaheun atanapi cadas tugareun leuweung leutik bala suaykeuneun, insya Allah pun anak parantos siap kantenan linggis mah diantawis parabot anu tara kakantun.  Mung lintang ti awi koneng saleunjeur di apit ku muncang kembar, nu ngagantung teu di tanggung nu ngagawing teu dijingjing.

Malihmah upami di pantunkeun mah kieu :

Daun jeungjing jeung sandawa

Digantelan daun cula

Henteu jing-jing henteu bawa

Datang seja kumawula.

Kahoyong mah nutur galur para jumhur, mapay tapak para anbiya, mung nyakitu galurna teu ka tuturkeun, tapak lacakna teu ka nyatakeun.

Upami mah ka tingal aya babantunan, etamah tamba lengoh, etang-etang tilam kasono, kagegelan ka asih sareng ka tineung, payombo kanu donto, ngupahan anu lenjang, manawi bahan katampi.

Nanging hapunten anu kasuhun mung alakadarna, mugi ulah ditingali barangna, sumawonten nilaina mah, tingali wae tina niatna, insya Allah niat anu ikhlas mangga nyanggakeun mugia katampi kalayan kabingahan.

Hadirin nu kusimkuring di pihormat

Sateuacan di pungkas, sim kuring mahanan ku du’a mugia ieu pasangan anu bade diakadan teh sing janten kulawargi anu sejahtera, bahagia pi dunya wal akhirat. Kulawagi mawadah wa rahmah.

Sakitu wae, bilih aya saur nu teu ka ukur, anu teu luyu jeung aturan hokum, atanapi aya basa anu kirang merenah, teu pati ka reka mirayaan tina adat kabiasaan, hapunten anu ka suhun.

Billahit Taufik Wal Hidayah

Wassalamu’laikum Wr. Wb.

3 responses to “Nyerenkeun Panganten

  1. Kalintang sae kang ieu posting teh, tiasa dikembangkeun tah minangka conto ngalangkungan pasanggiri Biantara Seren-Tampi panganten, utamina di lingkungan atanapi di organisasi. Hatur pangwanoh ah ti sim kuring.

  2. alhamdulilah kang meni sae. masih aya nih anu masih ngamumule bahasa S
    unda

Waler nurdin muhamad Bolaykeun waleran